PERSIB

Piraku teu uninga ka Persib… urang Bandung mah pasti uninga tur ngadukung Persib. Kasabelasan mengbalna Bandung.

Abdi urang Bandung asli. Sanajan ayeuna tos janten warga Tangerang, tapi mun ditaros ngadukung kasabelasan mana? nya pasti Persib atuh!!

Padahal pun bojo mah resepna teh ka Persija, jeung saprak aya Sriwijaya FC teh langsung we ngadukung kasabelasan ti nagarana.  Ari pun anak ngadukungna teh ka Persita, La Viola tea, da meureun rerencanganana ngadarukung Persita. Kanggo abdi mah angger we Persib!! Forever and ever lah!!

Naha Persib? pan Persib mah elehan… mana bobotohna sok ngarusak, rusuh mun Persib eleh teh…? duka atuh, da pokona mah Bandung = Persib, Urang Bandung = Bobotoh Persib. Sanes rek tuturut munding, da teu nurutkeun sasaha, ieu mah masalah nasionalisme, bandungisme, dan persibisme!

Padahalmah upami ditaros, pemain persib saha wae, pelatihna saha, kapten kasabelasanna saha? :D da abdi mah terangna teh mung Ajat Sudrajat sareng Robi Darwis, duka maraen keneh duka henteu eta oge. :D

Ah, teu penting eta mah pan? nu penting mah dukungan. Salamina abdi bakal ngadukung Persib, rek meunang rek eleh. Da abdi mah tos apal pisan, mun Persib eleh maen teh, pasti gara-gara wasit goblog… :D


About this entry